Saturday, August 11, 2012

DONGENG AKAL CAREUH 1


Dina hiji waktu, keur usum halodo entak-entakan, walungan, leuwi, balong jeung émpang caina rada ngorotan. Di hiji leuwi aya éntog bikang indungna keur ngawarah ngojay ka anakna anu sumedeng jaradi pitik kénéh karék sababaraha poé malegarna. Resep katénjona, nu séjén mah wayah kitu téh keur meujeuhna hareudang bayeungyang, ari éntog jeung anak-anakna mah bangun anu sarenang-senang kokojayan. Geuleuyeung ka girang geuleuyeung kahilir sakapeung nguriling muteran sisi leuwina nepi ka sababaraha iangan ceuk paribasana mah tepung pangjuruanana ogé. Atawa petepung gelangna téh. Sakapeung diselang ku teuteuleuman ari cengkat huluna barang mucunghul deui téh terus siga gigibrig ngéprétkeun cai anu narapel maseuhan buluna sarta piyik-piyikna teu répéh-répéh disarada pating warikwik nurutan polah indungna. Geus rada carapéeun, terus haranjat rék nuus bari ngiuhan di leuwi anu kaliuhan ku tangkal dadap. Anteng indungna nyiaran anakna ku pamatukna dipucak-pacok lalaunan tuluy siga anu diolés-oléskeun kana awak anakna sakalai séwang. Lucu pisan pitik téh aya sababaraha hiji, aya nu buluna semu konéng anu engkéna dina pagegedéanana sok jadi bodas, aya nu buluna rada hideung kénéh can hideung meles cara bulu indungna.
Bari sisiaran téh pok wé indungna nyarita, ngawanti-wanti pokna,” Kadé ujang, nyai anak ema nu balageur ulah sok jarambah jeung ulah sok balangah. Di sabudeureun leuwi urang téh loba pisan pibahayaeun. Kadar rék balangsiar hakaneun mah teu kudu lunta ka nu anggang-anggang da di dieuoge subur ku pacokeun mah. Moal matak kalaparan. Ucrit, génggéhék, kini-kini, gétok, berenyit, boncérét, kutukuya oga aya ngan urangna wé anu kudu awas jeung rancingeus nénjona asal ulah kapiheulaan ku batur. Jeung omat, ema rék wanti-wanti ka maranéh, panon ulah saténjo-ténjona, ceuli ulah sok sadénge-déngéna,” papagah indungna ka anakna.

Related Articles :


Stumble
Delicious
Technorati
Twitter
Facebook

0 comments:

Cerpen666

-Cerpen666-Only-

RECENT POSTS

Cerpen666-blog-

POPULAR POSTS

Cerpen666-
 

LOVE IS TO ACCEPT OTHERS FOR WHAT THEY ARE Copyright © 2011-2012 BloggerTemplate is Designed by Cerpen666