Saturday, August 11, 2012

DONGENG AKAL CAREUH 2


Keur jongjon éntog ngiuhan bari nyiaranjeung mapagahan anak-anakna téh, dina handapeun rungkun jujukutan anu rada jarangkung aya hiji careuh anu keur ngiuhan deuih, manéhna ngadedempés bari ngadédéngékeun ucapan-ucapan indung éntog ka anak-anakna téa. Kuruwuk.. kuruwuk peujit sakadang careuh téh disada kukuruwukan ménta eusi da puguh ti isuk-isuk kénéh ogé acan kararaban hakaneun.
“Lakadalah, milik aing keun siah rék didodoho,” ceuk pamikir careuh bari panénjona teu lésot ngawaskeun pitik anu sasiki rék ka mana léosna.
Geus rada lila ngiuhanana jeung geus cacap mapagahan anakna. Dédod..dédod deui indung éntog ngadédod tuluy tingkecebur ka leuwi deui. Angger rék mayengkeun kalanggenanana kokojayan jeung teuteuleuman.
Aya salahsahiji pitikna anu rada katingaleun kawas anu ngahajakeun mandeurikeun manéh rék nuturkeun kaindungna jeung babaturanana téh.
“Keun siah tah salahsahiji mah milik aing,” ceuk gerentes haté careuh bari ngeteyep ngadeukeutan pitik anu kapandeurian téa. Hanjakal kaburu ngageleber. Jleng ngajleng tuluy ngagejebur kana cai leuwi bari wikwikan ménta didagoan ka baturna jeung ka indungna pangpangna mah. Golédag careuh téh ngagolépakeun manéh lalangkarakan dina sisi leuwi anu rada rata paranti tarurun unggahnaéntog téa. Keur éntog kokojayan puputeran sabudeur leuwi téa anakna anus ahiji kapandeurian téh rék rada deukeut ka palebah lalangkarakanana careuh téa anu leungeun sabeulahna dianclomkeun kana cai leuwi bari diangkat jungjungkeun atuh aya sora nu kadéngé kucuprak-kecepruk lalaunan jeung aya cai anu maluncrat ka luhur. Katénjoeun ku pitik anu kapandeurian téa tuluy ngoloyong ka palebah dinya, bari atoh sugan mah ayabogo rada kasaatan kokocopokan. Enténgna sakadang careuh téh ngan gep wé pitik téh diranggeum tuluy dikerewes digégél dibawa ka jero rungkun, gangas pisan taya rasrasan teu maduli ka nu wikwikan disada nahan kareuwas jeung kanyerina. Diawaskeun ku indung jeung dulur-dulurna anu carindakdak careurik di sisi leuwi.

Related Articles :


Stumble
Delicious
Technorati
Twitter
Facebook

0 comments:

Cerpen666

-Cerpen666-Only-

RECENT POSTS

Cerpen666-blog-

POPULAR POSTS

Cerpen666-
 

LOVE IS TO ACCEPT OTHERS FOR WHAT THEY ARE Copyright © 2011-2012 BloggerTemplate is Designed by Cerpen666